Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Mukmin Anu Sajati Moal Ngarasakeun Kasedih Sareung Kasusah Dina Hatena

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Mukmin Anu Sajati Moal Ngarasakeun Kasedih Sareung Kasusah Dina Hatena

Khutbah I

الحمد لله ثم الحمد لله الحمد حمدا يوافي نعمه ويكافئ مزيده، يا ربنا لك الحمد كما ينبغي لجلال وجهك ولعظيم سلطانك، سبحانك اللهم لا أحصي  ثناءا عليك أنت كما أثنيت على نفسك، واشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهد أن سيدنا ونبينا محمد عبده ورسوله وصفيه وخليله خير نبي أرسله، أرسله الله إلى العالم كله بشيرا ونذيرا اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد صلاة وسلاما دائمين متلازمين إلى يوم الدين، وأوصيكم أيها المسلمون ونفسي المذنبة بتقوى الله تعالى.

:أما بعد، فيا عباد الله

Allah Swt nyiptakeun manusa, maparin kanikmatan napas sareng kahirupan, masihan seer kaberkahan sareng kabagjaan dina kahirupan. Janten, aya dua kawajiban manusa anu kudu dijalankeun salami masih hirup di dunia ieu:

Kahiji:

تَنْفِيْذُ أَمْرِ اللهِ سُبْحَانَهُ وَتَعالَى جُهْدَ اِسْتِطَاعَتِهِ

“Ngalaksanakeun sagala parentah Gusti Allah Swt kalayan sakuat tenaga.”

Kadua:

الرِضَا بِحُكْمِ اللهِ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى وَقَضَائِهِ مِلْءَ قَلْبِهِ

“Ridho pikeun sagala hal anu ditakdirkeun ku Gusti Allah Swt ka anjeunna kalayan teu aya panolakan dina haténa.”

Dua hal anu tos di sebatkeun diluhur mangrupakeun hakekat padoman hirup manusa dumasar tina pidawuh Allah Swt:

قُل اِنَّ صَلَاتِى وَنُسُكِى وَ مَحيَاىَ وَمَمَاتِى لِلّٰهِ رَبِّ العٰلَمِينَ‏ ١٦٢

لَا شَرِيكَ لَه​ وَبِذٰلِكَ اُمِرتُ وَاَنَا اَوَّلُ المُسلِمِينَ‏ ١٦٣

Hartosana: “Carioskeun: Sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi sareng harta abdi ngan saukur kanggo Gusti Allah swt, nyaeta Pangéran sadaya alam.” (QS. Surat Al-An’am: 162)

Manusa hirup di dunya ieu ngan saukur ngalaksanakeun sagala anu parantos digariskeun ku Allah Swt pikeun dirina, sareng ningali takdir Allah Swt pikeun kanu sanesna, sareng percanten kana naon anu parantos digariskeun ku Allah Swt pikeun aranjeunna di jaman baheula. Sareng sadaya anu bakal disanghareupan ditulis ku Allah Swt kalayan asih, kaadilan jeung kahadéan pikeun hamba-Na. Ku kituna, kasadaran ieu ngajadikeun manusa daék narima Qadla jeung Qadar Allah Swt tanpa boga prasangka negatif ka Allah Swt.

وَعَسَى أَنْ تَكْرَهُ شَيْئًا وَهُوَ خَيْرٌ لَكُمْ وَعَسَى أَنْ تُحِبُّوْا شَيْئًا وَهُوَ شَرٌّ لَكُمْ وَاللهُ يَعْلَمُ وَأَنْتُمْ لَا تَعْلَمُون

“Bisa jadi anjeun ceuceub kana hiji hal padahal eta alus pikeun anjeun, jeung bisa jadi oge anjeun resep kana hiji hal sanajan eta goreng pikeun anjeun, Allag Swt Maha Uninga, tapi anjeun teu nyaho.” (QS. Al-Baqarah:216)

Para hadirin sadaya,

Aya hiji carita:

Dina poe isuk, aya hiji lalaki angkat milari rezeki anu halal pikeun kaluargana, aya anu angkat ka kantor kanggo ngalaksakeun kawajiban padamelanana, aya anu ka toko bade dagang, aya oge anu jadi kurir. Sadayana padameulan dilaksanakeun kalayan pinuh kaseriusan sareng tanggung jawab. Daganganna dilaksanakeun kalayan jujur supados para nasabahna henteu kacewa.

Ku kituna, lamun geus burit jeung waktuna balik ka imah, lamun hasil sapopoe gawe saluyu jeung nu dipiharep maka anjeunna bakal muji syukur ka Allah Swt. Sarta yakin yen naon anu ditarima teh lain hasil tina usahana, tapi taya lian karena rahmat Allah Swt. Tapi lamun hasil anu ditarima teu saluyu jeung anu dihareupkeun, anjeun kudu narima, kudu yakin bahwa eta anu sae pikeun anjeun.

Mukmin anu bageur, lamun ngarasa nyeuri sabab panyakit bakal langsung pariksa ka dokter sabab emut kana pidawuh Rasulullah Saw:

مَا أَنْزَلَ اللهُ دَاءً إِلَّا وَأَنْزَلَ لَهُ شِفَاءً

Hartosna: “Allah Swt moal nurunkeun panyakit tanpa panawar pikeun panyakit.”

Anjeun kudu terus ikhtiar supaya cageur tina panyakit, sedangkeun hasilna pasrahkeun ka Allah Swt. Maka Allah Swt bakal nyabut panyakit anjeun. Lamun geus kitu, muji syukur ka Allah Swt, getol ibadah. Nanging, upami tétéla yén Allah Swt parantos ngagariskeun maot dina waktos éta, anjeun kudu siap pikeun jadi tamu Allah Swt kalayan bungah.

Anjeunna ninggali kana wafatna kalayan pinuh kabungah, dina waktos Sakaratul Maut henteu aya kanyeri sareng kasieun sabab haténa parantos aya sareng Allah Swt.

Upami jalma ieu ditaros, naha anjeun sabar pisan sareng nampi sadayana?, anjeunna nyarios:

“Nyatana, panyakit anu datang téh ngan ukur tentara, kitu deui kanyeri anu dibarengan. Lamun ieu tentara teu datang tentara sejen bakal datang. Sabab maot téh pasti bakal datang. Jeung maot téh ngan panto pikeun asup ka kahirupan salajengna.  Jeung kuring geus ridho kana naon-naon anu geus digariskeun ku Allah Swt.”

Jalma anu mukmin saperti kieu, bagja dina hatena moal ngurangan dina waktu susah jeung bakal nambahan lamun kaayaan bébas, lamun aya musibah manéhna bakal sabar jeung lamun datang kaberkahan bakal nambahan syukur.

Seueur pisan jalmi-jalmi anu bingung milari kabahagiaan di dunya ieu, hasil jerih payah anu parantos dijalankeun ti kapungkur masih keneh teu tiasa nyumponan rasa bagja, lahan anu dikumpulkeun sakedik-sakedik henteu ngajantenkeun aranjeunna wareg, kitu oge jeung jabatan sarta kamasyhuran anu anjeuna meunang kalah ngajadikeun aranjeunna ngarasa kurang pikeun ngacapai anu lebih. Kabagjaan semu anu anjeuna pilari teu acan anjeuna kengengkeun, sedengkeun maot atos mayunan. Nalika sakaratul maut panangana nyepeng sakuat tanagi waosna dugi ka gemeretak, bahwasaning anjeuna teu acan siap ngantunkeun ieu dunya.

Para hadirin sadaya,

Kabagjaan teh teu di kengengkeun di pasisir pantai, teu di kengengkeun di gunung-gunung anu laluhur, tapi kabagjaan teh di kengengkeun dina jero manah anu salawasna ridho ka pangeran.

Pertarosana, urang sadayana anu parantos jumeneng puluhan taun ieu, naha urang atos ngaraos bagja?, upamina teu acan, pilari karidhoan ka Allah Swt sabadana urang ngalakonan sholat jum’at ieu. Saatosna salam urang keretegkeun dina manah urang bari peremkeun soca urang.

Ya Allah Swt, ngahaturkeun rewu nuhun tina sagala rupina, tina naon anu atos sareung teu acan karandapan. Sadayana pamasihan gusti ku abdi tampi kalawan ikhlas.”

Dina waktos eta raoskeun aya tetesan anu tiis dina manah urang sareung tamatkeun kasedihan anjeun.

بارك الله لي ولكم في القرآن العظيم ونفعني وإياكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم، وتقبل مني ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم.

Khutbah II

الحمد لله حمدا كثيرا كما أمر، وأشهد أن لا اله اله إلا الله وحده لا شريك له إرغاما لمن جحد به وكفر، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله سيد الخلائق والبشر. اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه ومن تبعهم بإحسان إلى يوم المحشر. أما بعد.

فيا أيها الحاضرون أوصيكم ونفسي بتقوى الله فقد فاز المتقون، وافعلوا الخيرات واجتنبوا عن السيئات.

واعلموا أن الله أمركم بأمر بدأ فيه بنفسه وثنّا بملائكته المسبّحة بقدسه، فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم، إن الله وملائكته يصلون على النبي يا أيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما، اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين وعلى التابعين وتابعي التابعين ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين برحمتك يا أرحم الراحمين.

اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات إنك سميع قريب مجيب الدعوات ويا قاضى الحاجات.

اللهمّ ادْفعْ عنّا اْلبلاء والوباء والزّلازل والمحن وسوء الفتنة والمحن ما ظهر منها وما بطن عن بلدنا اندونيسيَّا خآصّة وبلدان المسلمين وسائر البلدان عامة يا رب العالمين. اللهم أصلح لنا ديننا الذي هوعصمة أمرنا وأصلح لنا دنيانا التي فيها معاشنا وأصلح لنا آخرتنا التي إليها معادنا، اللهم اجعل الحياة زيادة لنا في كل خير واجعل الموت راحة لنا من كل شر.

اللهم أصلح أئمتنا وولاة أمورنا، وآمنّا في أوطاننا ودورنا وبلّغنا مما يرضيك آمالَنا واختم بالباقيات الصالحات أعمالنا، اللهم احفَظ بلادَنا إندونيسيا من كل سوء ومكروه، وأدم علينا الأمن والاستقرار، وجنبنا جميعا كل ما يؤدي إلى تباعد القلوب وتباغُضها، اللهم اجمع كلمتنا على الحق، واطفئ مشاعل الفتنة، وسد مسارب الفوضى، واجعلنا صفا واحدا على كل من أراد الشر لبلادنا يا أرحم الراحمين.

Nun gusti pangeran abdi, mugi gusti maparinan nikmat pamimpin anu caket sareung gusti, anu di ridhoan ku gusti tur aranjeuna nyaah ka abdi sadaya. Mugi gusti kersa ngagampilkeun kana naon anu janten cita-cita abdi sadayana. Ya Allah Swt, jantenkeun abdi jalmi-jalmi anu salawasna bakti ka ibu rama abdi. Ya Allah Swt, kiatkeun abdi sadayana pikeun mapah dina jalan kasaean, paremkeun kana sifat dendam, sareung mugi nutupan kana sadaya sumber musibah, sareung msaotkeun abdi sadaya dina kaayaan seuri tur siap mayunan gusti, sareung gusti ridho ka adbi sadaya.

ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا وهب لنا من لدنك رحمة إنك أنت الوهاب، ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة وقنا عذاب النار.

عباد الله إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر يعذكم لعلكم تذكرون فاذكروا الله يذكركم واشكروا على نعمه يشكركم ولذكر الله أكبر

Kolumnis: Dea Rima, Semester II

Editor: Dalimah NH

 

Leave a Reply